Diakalan Ku Dipayatkeun Palebah Urugna, Jambatan Bojong Kopo Tiasa Diangge Sanaos Buka Tutup

Wahanainformasi.com – Kabupaten Sukabumi – Ku ayana cuaca anu kirang sae, ku turun na hujan anu kacida rongkah, matak nimbulkeun bahaya banjir sinareng longsor. Sepertos Jambatan Bojong Kopo Loji anu kagerus banjir dina kaping 6/3/2025.

“Kulantaran teu saimbangna tata ruang bangunan sareng pangraksa alam, gunung gundul, pasir di sisir jadi pamukiman, estu matak jadi musibah alam.” Kitu saur Gubernur Dedi Mulyadi

Banjir nu rongkah dina malem Juma’ah, 6/3/2025 salain loba kampung anu kabanjiran, oge nyababkeun Jambatan Bojong Kopo rungkad tungtungna sabeulah.

Ku pertulungan disadaya muspika oge BPBD Kabupaten nu didukung ku intruksi wakil persiden Gibran, akhirna kanngge sementara Jambatan Bojong Kopo tiasa dilewati ku masyarakat.

Salah saurang warga loji, Jek mitutur :

“Abdi salaku warga loji ngahaturkeun nuhun kasadaya aparat TNI –  Polri oge sadayana tim anu tos ngabuka akses Jambatan longsor dugi tiasa dilangkungan deui ayeuna, sanaos sementara ku di payatkeun.”

Sanaos kangge sementara, tapi matak ngalancarkeun kangge roda ekonomi loji dugi Pajampangan. Oge kangge nu ngarit tiasa maraban ingon-ingon na dina kaayaan lancar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *